Sabtu, 27 Desember 2008

goresan tanpa makna (keur batur mah)

poe ieu urg keur lieur co'R, teu puguh rarasaan. teu ngarti kudu kumaha jeung kudu ngumaha,
naha naon ieu teh???

di imah gandeng nu kuriak,
di sanggar loba nineung,
di jalan panas,
maenya kudu luas mah????

co'R bener geuningan, kudu waspada jeung nyiar bebekelan sacukupna jang teangeun jaga,
sabab pati mah ngadodoho, teu beunang dihulag atawa d hayang-hayang.

na kumaha atuh nu disebut pasrah sumerah teh, geuningan raga taya daya,
teu bisa nyingkahan dunya, estu nalikung awak ngabengbeuratan pasrah sumerah diri.

nginebkeun lawang ................... tan susah taya kahingga,
mengakeun lawang arrohmah tacan laksana,
naha naon atuh udageun diri,
dimana atuh sagara iman teh?

tacan aya nu pasti..............................

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

mangga upami kersa masihan komentar nu kumaha wae, dihaturanan kalayan daria. hatur nuhun sateuacana