Sabtu, 27 Desember 2008

Tresna

Tresna..... hiji kecap nu ngandung rewu harti
...............................................................................
...............................................................................
...............................................................................
...............................................................................

teu ngarti kudu nulis naon deui .......................
xixixixixxixixixixi ............................................

goresan tanpa makna (keur batur mah)

poe ieu urg keur lieur co'R, teu puguh rarasaan. teu ngarti kudu kumaha jeung kudu ngumaha,
naha naon ieu teh???

di imah gandeng nu kuriak,
di sanggar loba nineung,
di jalan panas,
maenya kudu luas mah????

co'R bener geuningan, kudu waspada jeung nyiar bebekelan sacukupna jang teangeun jaga,
sabab pati mah ngadodoho, teu beunang dihulag atawa d hayang-hayang.

na kumaha atuh nu disebut pasrah sumerah teh, geuningan raga taya daya,
teu bisa nyingkahan dunya, estu nalikung awak ngabengbeuratan pasrah sumerah diri.

nginebkeun lawang ................... tan susah taya kahingga,
mengakeun lawang arrohmah tacan laksana,
naha naon atuh udageun diri,
dimana atuh sagara iman teh?

tacan aya nu pasti..............................

Gegetun II

Gegetun II

Kapaksa kudu balaka
Da jirim tutas midua
kana paneteup didinya
kana dilak nukamari

Mun tea mah
Didinya jadi tempat pangancikan
Kawaas teh ukur ngelemeng dilangit
kayas

Bagea
Urang nepungkeun angen-angen jeung kakangen
Dina caangna balebat manjang


(by Dian Nugraha)

Jumat, 26 Desember 2008

Gegetun I

Gegetun I

Tangtu aya rasa nu beda

Mun didieu kudu wakca
Sakolebat
Didinya kungsi jadi
Pangancikan pikir

Basa panon kaserenan dua kelet
Nu karasa ukur
Cidra ka saurang
Sabab paneteup didinya
siga dilak nukamari

(by Dian Nugraha)